Cacaritaan sunda pulou NYAWA, Urang ngajalankeun etika jeung estetika, mipit amit ngala menta, nyaeta kudu sukuran ngabogaan rasa hormat, nu disebut munjung ka indung muja ka bapa, nyembah ka nu kawasa, hormat ka para sesepuh luluhur bangsa. Tanah pasundan hususna Borojol ieu mangrupakeun hiji wadah, eusina mawa carita nangtungkeun deui sajarah karajaan kawalian nu dipayungan ku Pajajaran.
Tah ieu nu disebut pajajaran ngadeg deui teh, sama rata sama rasa ngajajar euweuh nu luhur euweuh nu handap, rata...silih elingan...silih seungitan, ngemban hiji konsep ti sesepuh luluhur sesepuh bangsa, ngahijikeun rasanya urang-urang ieu meureun nu dipercaya...nya meureun kudu bias ngigelana, teu bias ngigelana bakal kena Dam, cekel ku maraneh Elmu Ratu ieu, sabab urang ulah neupikeun poho ka diri, lali kana ka ayaan...mawa carita ieu mah ulah leupas tina patokan nu disebut etika jeung estetika,,gambaran hiji trisula, nu disebut...sare’at...tarekat...hakekat.
Ari sare’at da urang nu boga kahayang meureun kudu neangan sare’at...ari tarekat meureun carana...kudu kumaha urang teh carana? carana tah nu disebut mipit kudu amit ngala kudu menta, munjung ka indung muja ka bapa, nyembah ka nu kawasa, hormat ka para sesepuh luluhur bangsa, nya urang kudu sukuran.
Ari hakekat,,, Allah anu kagungan, asal urang yakin tur percaya, lurus jeung kudu ngabogaan hate emas...tah eta anu ku sesepuh nu disebut emas-emas teh, kudu aya na dina diri urang, karak dibikeun eta hakekat teh...Tah didinya maneh nyekel hiji buku anyar, eusi ku maneh ku tinta koneng lambing hiji ka agungan, jieun carita nu merenah, saluyu jeung konsep sesepuh...ulah poho dangdanan heula diri maneh tuluy rawat sing rapih, terus urang ngaca, enggeus bener encan urang? urang kudu bias ngukur ka kujur nimbang ka ayaan...sabab urang bakal jadi conto...tah ti dinya urang kudu ngarti nu disebut sama rata, sama rasa, silih elingan...SILIH SEUNGITAN.
From my teacher